"Ma, bi unah teh saha?" Ceuk adul ka indungna
"Adi ema" jawab icih
"Ari wa haji?" Ceuk adul deui
"Lanceuk ema"
"Har! Ari sugan uing mah deungeun2 ma, ning dulur kabeh nya ma?" Adul gagaro sirah
"Nu matak kudu apal pancakaki maneh teh!" Ceuk icih bari ngajembel pipi adul anu gembil.
"Pancakaki mah uing ge apal ma, anu dagang sakadaek disisi jalan umum" jawab atul bari bangkenu..
"Eta mah kaki lima atuh!" Ceuk icih kerung
"Enya pan pancakaki teh hartina kakilima lain?" Ceuk Adul keukeuh
"Ah ma sia we.." Jawab icih bari neke adul tuluy ngaleos...
#Ngarti teu carita di luhur??? nu teu ngarti karunya teuing... wkwkwkwk
"Adi ema" jawab icih
"Ari wa haji?" Ceuk adul deui
"Lanceuk ema"
"Har! Ari sugan uing mah deungeun2 ma, ning dulur kabeh nya ma?" Adul gagaro sirah
"Nu matak kudu apal pancakaki maneh teh!" Ceuk icih bari ngajembel pipi adul anu gembil.
"Pancakaki mah uing ge apal ma, anu dagang sakadaek disisi jalan umum" jawab atul bari bangkenu..
"Eta mah kaki lima atuh!" Ceuk icih kerung
"Enya pan pancakaki teh hartina kakilima lain?" Ceuk Adul keukeuh
"Ah ma sia we.." Jawab icih bari neke adul tuluy ngaleos...
#Ngarti teu carita di luhur??? nu teu ngarti karunya teuing... wkwkwkwk
hahaha dasar si adul nya....
Tah ngabahas pancakaki jaman kiwari sigana barudak mah rada teu ngarti nya, sarua we siga simkuring, kumargi kitu yu ah salaku urang sunda nya kudu apal atuh sakedik2eun mah.... ieu mangga diaos artikelna...
Pancakaki
Pancakaki nya éta hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kulawarga.
Bangsa-bangsa di dunya atawa nu basana béda bisa waé ngabogaan
pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu, narjamahkeun hiji istilah ka basa
séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung, panarjamah héséeun
narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna béda.
Pancakaki urang Sunda
Dina adat istiadat urang Sunda, pancakaki téh ngabogaan dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga
atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si Dadap
ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak,
incu, buyut. alo, suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay
perenahna kabarayaan.
- Ka handap:
- anak: turunan kahiji(turunan pertama)
- incu: turunan kadua, anak ti anak (cucu, turunan kedua, anak dari anak)
- buyut: turunan katilu, anak ti incu (cicit, turunan ketiga, anak dari cucu)
- bao: turunan kaopat, anak ti buyut (turunan keempat, anak dari buyut)
- Ka luhur:
- bapa: ayah
- indung: ibu
- aki: kakek, ayah dari ayah/ibu
- nini: nenek, ibu dari ayah/ibu
- uyut: ayah/ibu dari kakek/nenek
- bao: ayah/ibu daru uyut
- janggawaréng: ayah/ibu dari bao
- udeg-udeg: ayah/ibu dari janggawaréng
- kakait siwur: ayah/ibu dari udeg-udeg
- karuhun: silsilah ke atas yang sudah meninggal
- sesepuh: silsilah ke atas yang masih hidup
- Ka gigir:
- lanceuk: abang/kakak, saudara laki-laki/perempuan yang lebih tua
- adi: adik, saudara laki-laki/perempuan yang lebih muda
- uwa: saudara laki-laki/perempuan yang lebih tua (abang/kakak) dari ayah/ibu
- paman/emang: saudara laki-laki yang lebih muda (adik) dari ayah/ibu
- bibi: adina bapa/indung (awéwé)
- alo: keponakan, anak dari abang/kakak
- suan: keponakan, anak dari adik
- aki ti gigir: kakek, saudara kandung laki-laki (abang/adik) dari kakek/nenek
- nini ti gigir: nenek, saudara kandung perempuan (kakak/adik) dari kakek/nenek
- kapilanceuk: sepupu, anak abang/kakak dari ayah/ibu
- kapiadi: sepupu, anak adik dari ayah/ibu
- incu ti gigir: incuna adi
- emang ti gigir: anakna adi aki/nini (lalaki)
- bibi ti gigir: anakna adi aki/nini (awéwé)
- Perkawinan:
- salaki: suami
- pamajikan: istri
- mitoha: mertua
- minantu: menantu
- lanceuk beuteung: abang/kakak ipar, abang/kakak kandung dari suami/istri
- adi beuteung: adik ipar, adik kandung dari suami/istri
- Anak:
- tunggal: anak tunggal
- cikal: anak sulung, anak yang lahir pertama
- panengah: anak tengah, anak yang lahir tengah-tengah (biasanya untuk jumlah anak ganjil)
- pangais bungsu: abang/kakak dari anak bungsu, urutan kedua dari bawah
- bungsu: anak bungsu, anak yang lahir terakhir
- Istilah Séjén:
- lanceuk sabrayna: abang/kakak sepupu yang masih satu turunan dari kakek/nenek
- adi sabrayna: adik sepupu yang masih satu turunan dari kakek/nenek
- dulur pet ku hinis: saudara kandung, saudara satu ibu dan satu bapak
- dulur sabaraya:dulur pisan, anakna emang/bibi jeung ua
- dulur teges: dulur enya saindung sabapa
- indung téré: pamajikan Bapa lain anu ngalahirkeun urang
- bapa téré: salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir
- anak téré : anak sampakan ti lalaki/pamajikan
- dulur patétéréan: anak indung/bapa téré
- baraya laér: baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh
- teu hir teu walahir: teu baraya saeutik-eutik acan
- bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér
- baraya: sakur anu aya pancakakina
- bésan: indung/bapana minantu
- dahuan: salaki atawa pamajikanna lanceuk
kengeng kopas ti http://su.wikipedia.org/wiki/Pancakaki

















