Siapakah Irfan Saprudin?

Seseorang yang bercita-cita menjadi Ranger Putih, Tommy

Debat Panas Capres

Panas pisan, hareudang.

Budgeur Software

Beberapa aplikasi sederhana PHP dan MySql.

This is default featured slide 4 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 5 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

Tampilkan postingan dengan label Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sunda. Tampilkan semua postingan

Rabu, 26 Oktober 2022

Lirik Infone Masseh Ninu Ninu Ninu Versi Bahasa Sunda

Nepika ka tanggah masé
kuring éléh sagala-galana
Kumaha infona masé
Kagok jero cinta ka manéhna

Nu itu good looking masé
Nu ieu sepék na jalma kéré
Trus kuring kudu kumaha
Naha kudu kuciwa salilana

Disuguhan ati lain kopi
Ku téga nganyenyeri
Ngalamun sorangan unggal poé
Tos teu kiat masé

Nya teu mampu kuring lain spék karesepna
Nurut kahayangna
Kuring ninu ninu ninu

 


 

Senin, 13 September 2021

Mendung Tanpo Udan Lirik Versi Sunda

Ulin babarengan
Nepika sayang-sayangan
Bagja jeung nalangsa
Diliwatan tahunan-taunan   

Paséa pacicing-cicing
Enggeuna kangen-kangenan
Kadang béda pilihan
Nepika pegat balikan

Mendung tanpa hujan
Panggih jeung papisah
Kabéh éta ngarana perjalanan

Harita téh urang boga implengan
Isuk jaga lamun babarengan
Kuring maca quran sarungan
Anjeun ngaji jilbaban

Nanging ayeuna geus jadi kenangan
Kuring jeung anjeun geus pipisahan
Kuring hiji anjeun dua
Béda pilihan

 



Sabtu, 02 Januari 2021

Tanpa Batas Waktu ost Ikatan Cinta Lirik Bahasa Sunda

 Tanpa Batas Waktu

Kuring masih aya di dieu
Masih ku rasa nu sarua jeung baheula
Teu laas jeung moal jadi beda
Masih ngancik kayakinan dina ati

Kuring masih di tempat ieu
Masih satia nungguan beja di dinya
Masih hayang ngadenge sora anjeun
Cinta nu matak nguatkeun kana dada

Kuring mikasono
Anjeun oge nyaho
Teu kawates waktu
Salawasna

Kuring nu menta
Najan teu nyarita
Ku sadaya daya

Anjeun jauh ti mata tapi deukeut na doa
Simkuring mikasono

Kuring masih di dunia ieu
ti kajauhan ningali anjeun duaan
Sanajan asa kaduruk dina buuk
Tapi omat anjeun ulah ka mana-mana



Jumat, 13 November 2020

Lirik Sholawat Allahul Kafi Rabbunal Kafi Viral di TikTok Versi Bahasa Sunda


 Allahul kaafii rabbunal kaafi
قَصَدْنَا الْكَافِى وَجَدْنَا الْكَافِى
Qashadnal kaafi wajadnal kaafi
لِكُلِ كَافٍ كَفَانَا الْكَافِى
Likullin kaafi kafaa nal kaafi
وَنِعْمَ الْكَافِى اَلحَمْدُ لِلهِ
Wa ni’mal kaafi Alhamdulillah

Barudak jaman kiwari
Lain teu apal kana pangarti
Elmu jeung adabna teu matri
Kaelehkeun ku sato meri

اَللهُ الْكَافِى رَبُنَا الْكَافِى
Allahul kaafii rabbunal kaafi
قَصَدْنَا الْكَافِى وَجَدْنَا الْكَافِى
Qashadnal kaafi wajadnal kaafi
لِكُلِ كَافٍ كَفَانَا الْكَافِى
Likullin kaafi kafaa nal kaafi
وَنِعْمَ الْكَافِى اَلحَمْدُ لِلهِ
Wa ni’mal kaafi Alhamdulillah

Lamun hayang hirup bagja
Kudu daek eujeung susahna
Lamun hayang asup ka surga
Kudu daek jeung ibadahna

اَللهُ الْكَافِى رَبُنَا الْكَافِى
Allahul kaafii rabbunal kaafi
قَصَدْنَا الْكَافِى وَجَدْنَا الْكَافِى
Qashadnal kaafi wajadnal kaafi
لِكُلِ كَافٍ كَفَانَا الْكَافِى
Likullin kaafi kafaa nal kaafi
وَنِعْمَ الْكَافِى اَلحَمْدُ لِلهِ
Wa ni’mal kaafi Alhamdulillah

Ka mana jalan ka jogja
Ka ditu ka palih wetan
Ka mana jalan ka surga
Ka ditu ka pangaosan

اَللهُ الْكَافِى رَبُنَا الْكَافِى
Allahul kaafii rabbunal kaafi
قَصَدْنَا الْكَافِى وَجَدْنَا الْكَافِى
Qashadnal kaafi wajadnal kaafi
لِكُلِ كَافٍ كَفَانَا الْكَافِى
Likullin kaafi kafaa nal kaafi
وَنِعْمَ الْكَافِى اَلحَمْدُ لِلهِ
Wa ni’mal kaafi alhamdulillah

Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat

اَللهُ الْكَافِى رَبُنَا الْكَافِى
Allahul kaafii rabbunal kaafi
قَصَدْنَا الْكَافِى وَجَدْنَا الْكَافِى
Qashadnal kaafi wajadnal kaafi
لِكُلِ كَافٍ كَفَانَا الْكَافِى
Likullin kaafi kafaa nal kaafi
وَنِعْمَ الْكَافِى اَلحَمْدُ لِلهِ
Wa ni’mal kaafi alhamdulillah

 

Minggu, 05 April 2020

Aisyah Istri Rosulullah Lirik Versi Sunda



Mulya éndah saé budina
Luhung ku élmu kacida pinterna
Ya Aisyah putri Abu Bakar
Istri Rosulullah

Éndah Kanjeng Nabi micinta
Janten conto kanggo urang sadaya
Umat nabi anu mikacinta ka kulawargana

Aisyah kalintang éndah kangjeng Nabi micinta
Ku saé akhlak janten kameumeut Kangjeng Nabi
Dugi kangjeng Nabi dipundut nyawa anjeun aya sagédéngeuna

Aisyah tos mah geulis saé budi luhur élmu
Satia turut tumut kana papatah Nabi
Ya sayyidatina Ya ummul mukminin
Kanyaah kacintana Rasulullah



Sabtu, 07 Maret 2020

Lirik Lagu Bagaikan Langit - Potret Viral Tiktok Versi Sunda

Ibarat langit di pasosore
Pulasna biru sabiruna hate
Ngantosan kabar nu dianti-anti
Tangkeup jeung cium ngahaneutkeun kuring

Oh duriat nu pangendahna
Ngawarnaan dunya nu dipikacinta
Ngajanjikeun urang hiber ka luhur
ka langit ka tujuh, sareng anjeun

Oh dewi cinta, sarandekeun kuring
Na taktak anjeun, ameh karasa sono na hate, kaubaran oge
kuayana anjeun, nenangkeun kuring


Rabu, 12 Februari 2020

Dalan Liyane Versi Bahasa Sunda

Saha nu kuat narima kanyataan
Saha anu henteu kaleungitan
Ditinggalkeun pas nyaah-nyaahna
Pas eukeur jero-jerona, anjeun milih jalan séjén

Saha anu kuat ditinggalkeun
Saha anu henteu nyeri haté
Kenangan nu geus dilakonan
Disimpen na jero haté
Geus teu babarengan deui

Nya geus wé ku urang lakonan sakuat-kuatna hate
Pesen urang hiji, sing ati-ati
Ngan bisa dipendem isuk nepika soré
Sabab kuring sadar kuring geus lain sasaha

Nya keun waé ku urang pendem rasa dina jero dada
Ku urang doakeun mugia sing bangja
Ngan hiji paménta kadé mun hanjakal
Mung sakitu hatur nuhun

Minggu, 26 Januari 2020

Didi Kempot - Pamer Bojo Lirik Versi Sunda







Siga kieu rasana nahan kasono
Beurang peuting hate ieu asa poek
Sok kapikiran hayang ningali
Najan sakeudeng oge geus teu hayang

Jalir jangji tegana maneh ngabohong
Nepi ayeuna urang masih nungguan
Ceurik na hate nalangsa hirup urang
Baseuh ku cai panon kana dada

Cendol dawet, cendol dawet seger
Cendol cendol dawet dawet           
Cendol cendol dawet dawet
Cendol dawet seger sabaraha, lima ngatusan
Teu make ketan
Ji wa lu pat me nep tujuh lapan

Lain baju anyar nu aya dina lomari
Tapi kabogoh anyar ditempokeun ka urang

Lain seungit mawar nu katempo dina panon
Tapi maneh poho nganyenyeri hate urang

Naha kuresep saukur nganyenyeri
pamer kabogoh anyar dihareupeun

Minggu, 19 Januari 2020

KARTONYONO MEDOT JANJI - DENNY CAKNAN Lirik Versi Sunda



Meuni teungteuingeun
nalangsa euweuh anu merhatikeun
jelas haté butuh anjeun
butuh diri anjeun
meuni teungteuingeun

Nyeri haté ieu
ah keun baé anggap wé ker latihan
Ké lamun aya gantina
Moal reuwas deui

Da kuring geus apal
kuring mah geus ikhlas

Baheula kuring betah
Lila lila wegah
nuturkeun sakarep anjeun matak rarungsing  

Harita diiingetan tong nepika poho
tapi nyatana gening indit

Sindangkerta Cililin megatkeun jangji
awak gering nuturkeun kahayang anjeun
kabéhanana geus di cumponan kalahakah jalir jangji

Cig indit ku kuring tuduhkeun jalana
Belah ditu mengkol kénca terus lempeng
teu kudu ninggali ka tukang deui nu matak
Meuratkeun haté

Rabu, 27 November 2019

Mawar De Jongh - Lebih Dari Egoku (Versi Sunda)

Hésé keur kuring nyanghareupan anjeun
Tapi kuring moal taluk
Anjeun nu diperjuangkeun

Peurih keur kuring nahan rasa ambek
Tapi bakal dilakonan
Malahan leuwih ti éta

Kuring ménta hampura najan anjeun salah
Bakal nahan najan anjeun hayang papisah
Sabab anjeun penting leuwih penting
ti sakabéh nu kapimilik

Lamun anjeun salah kuring bakal mohokeun
Najan anjeun can tangtu siga kitu ogé
Sabab keur kuring anjeun leuwih penting
Ti égo kuring

Deuh Gusti,,, lagu teh mani bucin pisan...wkwkwk


Selasa, 15 Oktober 2019

SAREDONA - KUBURAN BAND (LIRIK) VERSI SUNDA

Géser sakedik sakedik
Sakedik Néng géser sakedik
Punten aya nu lebet

Géser sakedik sakedik
Sakedik Néng géser sakedik
Kanan kiri tujuh lima

Pami caket tiga rébu
Pami tebih tujuh rébu
Pami mogok mah sarédona
Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona
Sarédona

Payun sakedik sakedik,
Sakedik Néng payun sakedik
Sieun aya nu nyumput

Payun sakedik, sakedik,
sakedik Néng payun sakedik
Emang alim ditungtut

Pami tilang artos deui
Pami sidang isuk deui
Pami bageur mah
Sarédona

Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona
Sarédona

Pami lurus mangga ngalih
Angkotna tos badé uih
Ongkosna mah
Sarédona

Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona

Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona
Na na na na na sarédona
Sarédona


Rabu, 14 Agustus 2019

Budi Doremi - Tolong (Lirik Versi Sunda)





Sigana mah kuring jatuh cinta
Kusabab rasana asa beda
Naha bener ieu teh cinta
Asa bareda neuteup ka anjeunna

Naha kuring asa kieu
Taya kawani deukeut jeung anjeun
Kahayang mah ngapimilik
Tapi kuring teu nyaho
Kumaha nya carana?

Punten pangwartokeun ka anjeuna
Lagu ieu diserat ka anjeunna
Nami anu sok disebat dina doa
Dugi kuring mampu
Ngucap "naha anjeun kersa?"

Di dieu simkuring cicing
Nungguan waktu anu pas
Nepi kuring bisa wani
Ngomong ka anjeuna   

Punten pangwartokeun ka anjeuna
Lagu ieu diserat ka anjeunna
Nami anu sok disebat dina doa
Naha anjeun apal
Nu dipikahayang

Punten pangwartokeun ka anjeuna
Lagu ieu diserat ka anjeunna
Nami anu sok disebat dina doa
Dugi kuring mampu
Ngucap "naha anjeun kersa?"






Kamis, 28 Februari 2019

Bogor, I'm in love



Bogor ayeuna mah lain ngan saukur tempat panyimpangan
bener, mun baheula mah ka bogor teh ngan saukur pangliwatan pas balik ka Bandung
Ti ciputat lempeng we ka parung, nepi Bogor mengkol ka puncak nepi cianjur
Tapi ayeuna mah Bogor geus jadi imah kadua
Tempat di mana hate ieu cicing
tempat di mana urang manggih kadeudeuh nu nyangreud pageuh


Bogor saat bukan hanya sekedar tempat singgah
Iya kalo dulu Bogor cuma tempat saya lewat kalo pulang ke Bandung
Dari ciputat lurus aja sampe parung, sampe Bogor belok ke Puncak sampai ke Cianjur
Tapi sekarang, Bogor udah jadi rumah kedua
Tempat di mana hati saya berlabuh
Tempat di mana saya temukan orang tercinta

Bogor, I'm in love



Selasa, 04 Desember 2018

Adek Berjilbab Ungu Versi Sunda (Neng Jilbab Ungu)

Neng Jilbab Biru/Ungu



Aduh Neng Nu jilbab Ungu
Geulis manis siga kukupu
Aya salam ti abah ambu
Tamat kuliah janten minantu

Euleuh Neng ulah sok kitu
Abong akang teh ngabujang buntu
Akang bade ngalamar eneng
Tinggal ngadua Allah nu ngabantu

Eneng nu dipikaresep
Eneng nu dipikanyaah
Sumangga tingali niat akang
Akang moal nguciwakeun eneng

Akang jangji bakal satia
Ngambinging eneng dugika surga
Dunia ieu ukur samentara
Hayu gancang urang ka KUA
Dunia ieu ukur samentara
Akheratna anu dituju

Sabtu, 10 November 2018

NADHOMAN TAREKH NABI Muhammad SAW NABI URANG SAREREA

NGADERES NADZOMAN
KEDAH DI GALAKEUN DEUI NADHOMAN TAREKH NABI Muhammad SAW
NABI URANG SAREREA





BismillaahirRohmaanirRohiim

1
Nabi urang  saréréa,
Kangjeng Nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Kurés nya bangsana.

2
Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunana di Mekah,
wengi Senén taun Gajah.

3
Robiul awal bulanna,
tanggal kadua belasna,
April bulan maséhina,
tanggal kadua-puluhna.

4
Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna.

5
Siti Aminah misaur,
waktos babarna kacatur,
ningal cahaya mani ngempur,
di bumina hurung mancur

6
Babar taya kokotoran
Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan

7
Medal Nabi Akhir Zaman
Pirang-pirang ka anehan
Sesembahan Bangsa Syetan
Kabeh pada Karuksakan

8
Nabi yuswa Lima Bulan
Geus Yasa Angkat - angkatan
Yuswana Salapan Bulan
Geus Capetang Sasauran

9
Yuswana Sapuluh Bulan
Yasa Ameng Papanahan
Ngéléhkeun Budak nu Lian
Tapi tara kumagungan

10
Parangina Kangjeng Nabi,
jatnika pinuh ku puji
pinter tur gedé kawani,
sabar nyaah ka sasami.

11
Keur opat taun yuswana,
diberesihan manahna,
nabi dibeulah dadana,
malaikat nu meulahna.

12
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana,
ngeusikeun kana manahna,
elmu hikmah sapinuhna.

13
Tuluy dada Kanjeng Nabi,
gancang dirapetkeun deui,
sarta teu ngaraos nyeri,
dicap ku Khotami Nabi.

14
Rama Nabi kacaturkeun
pupusna kacarioskeun
basa Nabi dibobotkeun
dua sasih kaunggelkeun

15
Kagenep taun yuswana
ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok eyangna
Abdul Mutalib asmana

16
Kersana Rabbul’alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
éyangna mulih ka batin

17
Sabada wapat éyangna
Nabi dirawat Uwa na
Abi Talib kakasihna
sadérék teges ramana

18
Kangjéng Nabi sering pisan
dicandak ka Nagara Sam
sok nyandak barang dagangan
di dinya téh pajeng pisan

19
Kacatur di éta nagri
loba pandita Yahudi
sareng pandita Nasrani
nu tepang jeung Kangjeng Nabi

20
Sadayana sasauran
ieu jalmi mo nyalahan
pinabieun ahir jaman
Torét, Injil, geus ngiberan

21
Sipat Nabi panganggeusan
aya di anjeunna pisan
harita loba nu iman
ka Nabi ngangken panutan

22
Lami - Lami Kangjeng Nabi
Di Sambat ku Hiji Istri
Dagang ka Unggal Nagri
Ka untungana di bagi

23
Istri Jenengan Khodijah
Putra Huwailid katelah
Nu pang Bengharna di Mekah
Ka Nabi kalangkung nyaah

24
Siti Khodijah masrahan
Ka Nabi Barang Dagangan
Mesaroh nu Ngarencangan
Ka Nabi purah Nyarengan

25
Kacarios MeMesaroh teh
Loba pamendakna Aneh
Cicirén Nabi nu Sholeh
Matak ngagerakkeun Kabeh

26
Tatangkalan uluk Salam
Mega bodas sok Mayungan
Jeung aya cap Kanabian
Dina salirana pisan

27
Pamendak Siti Khodijah
Cocok pisan jeung Mesaroh
Akhirna Siti Khodijah
Ka Nabi mundut di Tikah

28
Harita yuswana Nabi
Salawe tahun kawarti
Ngadak - ngadak Sugih Mukti
Tapi tambah sae Ati

29
Karesepna Kangjeng Nabi
ka Gusti Allah ngabakti
di Gunung Hira maranti,
ibadahna saban wengi.

30
Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Kur’an,
kalawan dawuh Pangéran,
Nabi didamel utusan.

31
Harita yuswana Nabi,
patpuluh taun kawarti,
diutus ku Allah pasti,
ngémbarkeun agama suci.

32
Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana,
Abu Bakar kaduana
sohabat nu pangmulyana

33
Murangkalih nu nonoman,
anu pangheulana iman,
Sayidina Ali pisan,
ka Nabi sadérék misan.

34
Jeung ari jalma beulian,
anu pangheulana iman,
Sayid Bilal kaleresan,
anu jadi tukang adan.

35
Ari lolobana pisan
ka Nabi téh ngamusuhan,
nganiaya ngajailan,
teu aya pisan ras-rasan.

36
Para Shohabat kungsi Ngalih
Ka Nagri Habsi nu teubih
Didinya Anjeuna Linggih
Kirang kenging tilu sasih

37
Samulih Shohabat ti Habsi
Kacarios Kangjeung Nabi
Kenging pohara Cocobi
Kersana nu Maha Suci

38
Uwa na sareng Garwa na
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana
Kalima puluh tahunan

39
Geus pupus Siti Khodijah
Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti 'Aisyah
Ummil Mu'minin ka telah

40
Tidinya kersa Pangéran
Maparinan Kamulyaan
Ka Nabi nu Akhir Zaman
Kakasih nu Sifat Rohman

41
Nuju tanggal tujuh likur,
bulan Rajab nu kacatur,
runut kaol nu kamashur
Kangjeng Nabi téh disaur.

42
Dipapag ku malaikat,
nyandak burok nu kasebat,
leumpangna téh cara kilat,
tutunggangan Nabi angkat.

43
Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
teu lami-lami antawis,
ku jalmi henteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.

44
Ti Baétul Makdis terasna,
naék tangga saterusna,
mi’raj téa kasebatna,
ka langit Nabi sumpingna.

45
Tujuh langit sadayana,
sareng aras pangluhurna,
disumpingan sadayana,
katut surga-narakana.

46
Kangjeng Nabi ditimbalan,
ku Gusti Nu Sipat Rahman,
anjeunna kudu netepan,
solat muji ka Pangéran.

47
Sadayana jalmi iman,
sami gaduh kawajiban,
solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.

48
Solat éta minangkana,
dina agama tihangna,
jalmi nu luput solatna,
nyata rubuh agamana.

49
Kacarios dina Zaman
Mi'rojna Nabi Panutan
Yuswana teh kaleresan
Lama puluh dua jalan

50
Kapir Mekah kacaturkeun,
barang Nabi nyarioskeun,
mi’raj lain dimulyakan,
anggur pada nyeungseurikeun.

51
Pada hasud ngakalakeun,
ti dinya Allah ngersakeun,
Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka Madinah disirnakeun.

52
Para sohabat pirang-pirang,
nu buméla milu iang,
milu ngalih saabrulan,
henteu pisan sumoréang.

53
Tambih kamulyaan nabi,
di madinah asal sepi,
jadi ramé ku nu ngaji,
muji ka Nu Maha Suci.

54
Sapuluh taun lamina,
di Madinah jumenengna,
agama Islam cahyana,
gumebyar ka mana-mana.

55
Nagri Mekah di Perangan
Akhirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yaqin lain Jijieunan

56
Ari yuswa Kangjeng Nabi
Genep puluh tilu pasti
Maqomna di jeuro Nagri
Madinah Nagara Suci

57
Puputrana Kanjeng Nabi
Aya Opat anu Istri
Siti Zenab nu Kahiji
Ruqoyah nu hiji deui

58
Ummi Kulsum katiluna
Siti Fatimah Bungsuna
Ari putra nu Cikalna
Sidna Qosim kakasihna

59
Sidna 'Abdullah Raina
Ibrohim nu katiluna
Eta nu genep putrana
Siti Khodijah Ibuna

60
Sidna Ibrohim Ibuna
Mariyah jenenganana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turunanana

61
Putra nu pameugeut kabeh
Pupus keur Aralit keneh
Nu istri Carogena teh
Para Shohabat nu Sholeh

62
Siti Zenab Carogena
Abul'Ash Jenenganana
Siti Ruqoyah Carogena
Sidna 'Utsman mimitina

63
Geus Siti Ruqoyah Hilang
Anjeuna turun Ka ranjang
Ummi kultsum putri Lanjang
Di Tikah geuntos nu Hilang

64
Caroge Siti Fatimah
Sidna 'Ali nu katelah
Bakarromallahu Wajhah
Anu ka Mashurkeun gagah

65
Ari Putu Kanjeng Nabi
Dalapan pamegeut Istri
Siti Umamah jeung 'Ali
Ti Siti Zenab kawarti

66
Ari Sidna 'Abdullah mah
Putu ti Siti Ruqoyah
Putu tu Siti Fatimah
Aya Lima kabeh namah

67
Tilu anu pameugeutna
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husen ka duana
Sidna Muhsin ka tiluna

68
Ummi Kulsum nu Istrina
Ka Sidna 'Umar Nikah na
Sitna Zenab ka duana
Nurut Ungeuling wartosna

69
Urang kudu Cinta ati
Ka Turunan Kanjeng Nabi
Poma ulah goreng Ati
Sumawona Hiri dengki

70
Ari mungguh Kangjeng Nabi,
nyaahna langkung ti misti,
ka umatna jaler istri,
leuwih ti sepuh pribadi.

71
Welas asih ka nu miskin,
sumawon ka budak yatim,
pada seubeuh ku paparin,
kadaharan jeung pisalin.

72
Akurna ka urang kampung,
calik satata ngariung,
tara angkuh jeung adigung,
sanajan ka urang gunung.

73
Ka nu nandang kasusahan,
gering jeung kapapaténan,
ngalayad sarta ngubaran,
ngajajapkeun ka kuburan.

74
Manis saur manis budi,
éstu mustikaning jalmi,
sajagat mo’ mendak deui,
saé rupa jeung parangi.

75
Raray lir bulan purnama,
halisna lir katumbiri,
waos lir inten widuri,
salira harum wawangi.

76
Éstu kersaning Pangéran,
lain seungit dimenyanan,
karinget pada nandéan,
diparaké seuseungitan.

77
Sakitu Nabi mulyana
Taya pisan adigung na
Angkat pungkureun Shohbatna
Kalangkung handap Asorna

78
Anggoan kersa lumayan
Najan nu geus di Tambalan
Kitu deui katuangan
Bangeut pisan di Kurangan

79
Beutah dina Kamiskinan
Lain Sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah karidhoan Tuhan

80
Pirang-pirang mujijatna,
tawis kanabianana,
Kur’an nu nomer hijina
mujijat nu pangmulyana.

81
Tangkal nu pérang daunna,
disiram urut abdasna,
ngadadak loba buahna,
sarta hirup saterasna.

82
Domba nu banget kuruna,
sarta lalépét susuna,
diusap ku pananganna,
ngadadak juuh susuna

83
Dina hiji waktos deui,
sahabat bet kirang cai,
teras baé Kangjeng Nabi,
mundut cai anu kari

84
Cai ngan sakedét pisan,
éstu kabéh pada héran,
Nabi neuleumkeun panangan,
dumadak tuluy manceran.

85
Cai mancer loba pisan,
ka luar tina panangan,
sela-sela ramo pisan,
cukup keur jalma réaan.

86
Kacatur Hiji Beudeuwi
Ngadoja ka Kanjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara Jalmi

87
Tuluy Tangkal teh di Saur
Harita ku Kanjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur
Akarna teh di Gugusur

88
Ngadeuheus ka Kanjeng Nabi
Uluk Salam cara Jalmi
Sanggeus kitu balik deui
Ka tempat asalna tadi

89
Badwi teh ngan kantun Héran
Ningal eta ka anehan
Tuluy bae asup Islam
Ka Nabi ngangken panutan

90
Saliana Loba deui
Mu’jizatna Kanjeng Nabi
Mun di wincik Hiji - hiji
Keur nulisna moal mahi

91
He Allah nu Sifat Rohman
Abdi Sadayana Iman
Teu Aya deui Pangéran
Lian ti Anjeuna pisan

92
Nu ngadamel Bumi 'Alam
Rawuh saeusina pisan
Nu Wajib di Ibadahan
Teu aya anu nyésa pisan

93
Sareng abdi Iman deui
Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta utusan Gusti
Miwulang sadaya Jalmi

94
Nu Sifat ka percayaan
Bijaksana tur Budiman
Bener unggal sasauran
Najan Saur kaheureuyan

95
Ngémbarkeun Kanjeng Nabi téh
Ka Jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangéran nu Shoheh
Nu Wajib di Turut nateh

96
Hurmat urang ka Anjeuna
Dina mangsa jumenengna
Sareng sa ba'da Wafat na
Eta teu aya beda na

97
Duh Gusti jungjunan abdi
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi
Kanu hina diri abdi

98
'Abdi umat akhir zaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan

99
Di Yaumil Akhir pamugi
'Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa 'Abdi
Ngiring Gusti ka Sawargi

Alhamdulillaah

Tammat Wallaahu A'lam
Mugi Ageung Manfa'at...

NGA... APALKEUN DEUI...

Senin, 29 Oktober 2018

Karna Su Sayang Versi SUNDA



Biasa cinta hiji paménta
Ulah osok ngakekang rasa
Sabab kuring geus nyarita
Moal pindah haté kusabab nyaah

Ulah loba tingkah da moal ngadua
Cukup jaga haté ngarah tambah cinta
Sabab kuring geus nyarita
Moal pindah haté kusabab nyaah

Jeung ieu soal haté
Coba pikiran deui
Moal nyulayaan jangji
Lantaran teu ngabaran

Kunaon bet curiga
Jeung jadi asa béda
Ari kucinta mah
Geus teu kudu dipapaksa

Keun cinta sina mekar
Sanajan sok hariwang
Ulah kanyenyerian
Lantaran hanteu paamprok

Ari geus cinta mah
Kari ngajagaan haténa
Moal néangan deui
Cekap anjeun kanggo salawasna

Biasa cinta hiji paménta
Ulah osok ngakekang rasa
Sabab kuring geus nyarita
Moal pindah haté kusabab nyaah

Ulah loba tingkah da moal ngadua
Cukup jaga haté ngarah tambah cinta
Sabab kuring geus nyarita
Moal pindah haté kusabab nyaah

Nalika anjeun sono
Kuring gé pasti sono
Teu kudu milu rungsing
Nu matak urang gering

Teu ngawaro panggero
Nu matak urang lieur
Ngan butuh reureuh heula
Keur ngaleungitkeun kacapé

Boro-boro salingkuh
Mangga émutan deui
Rasa ieu moal pareum
anjeun masih kaasih

cukup ngajaga haté
supaya makin cinta
Tong percaya ka beja
cekel omongan kuring

Biasa cinta hiji paménta
Ulah osok ngakekang rasa
Sabab kuring geus nyarita
Moal pindah haté kusabab nyaah

Ulah loba tingkah da moal ngadua
Cukup jaga haté ngarah tambah cinta
Sabab kuring geus nyarita
Moal pindah haté kusabab nyaah

Rabu, 03 Oktober 2018

Armada - Dengerin Abang Versi Sunda (Dangukeun Akang)




Enéng sayang anjeun kunaon
Geningan camberut waé ka akang
Ulah curiga sanajan akang
Jarang dongkap mendakan enéng
Punten dangukeun akang

Sanés teu hoyong akang dongkap nganjangan
Mendakan enéng anu dipikanyaah
Akang gé hoyong teras-terasan nganjang
Hanjakal cinta urang beurat di ongkos

Enéng sayang ulah curiga
Akang jarang mendakan enéng
Punten dangukeun akang

Sanés teu hoyong akang dongkap nganjangan
Mendakan enéng anu dipikanyaah
Akang gé hoyong teras-terasan nganjang
Hanjakal cinta urang beurat di ongkos

Sanés teu hoyong akang dongkap nganjangan
Mendakan enéng anu nu dipikanyaah
Akang gé hoyong teras-terasan nganjang
Hanjakal cinta urang beurat di ongkos

lalalalala lalalalala lalalala lalalalalaaaa

Akang gé hoyong teras-terasan nganjang
Hanjakal cinta urang beurat di ongkos
Hanjakal cinta urang beurat di ongkos
Hanjakal cinta urang beurat di ongkos
Beurat di ongkos

Rabu, 15 Agustus 2018

Meraih Bintang - Via Vallen (VERSI SUNDA)

Meraih Bintang - Via Vallen - Official Theme Song Asian Games 2018



Tiap saat tiap waktu
Késang ngabaseuhan awak
Ieu anu ditungguan
Kuring bakal ngabuktikeun

Kuring yakin bakal meunang
Poé ieu nu diinget
Kabéh doa diucapkeun
Sajarah nu disanggakeun

Kudu fokus hiji titik
Éta wungkul titik éta
Tetep fokus urang udag
Ngaliwat batas

Terus fokus hiji titik
Éta wungkul titi kéta
Tetep fokus urang udag
Ngaraih béntang

Yuu yu hayu yu hayuu Yuu yu hayu
Yuu yu hayu yu hayuu
Yuu yu hayu yu yu wo oo
Yuu yu hayu yu hayuu Yuu yu hayu
Yuu yu hayu yu hayuu

Urang datang urang tempo
urang meunang

Lamun meunang berprétasi
Lamun éléh ulah frustasi
Lamun meunang solidaritas
Urang galang sportivitas

Lamun meunang berprétasi
Lamun éléh ulah frustasi
Lamun meunang solidaritas
Urang galang sportivitas

Terus fokus hiji titik
Éta wungkul titik éta
Tetep fokus urang udag
Ngaraih béntang

Yuu yu hayu yu hayuu Yuu yu hayu
Yuu yu hayu yu hayuu
Yuu yu hayu yu yu wo oo
Yuu yu hayu yu hayuu Yuu yu hayu
Yuu yu hayu yu hayuu
Urang datang urang nempo
Urang dukung

Kudu fokus hiji titik (Yuu yu hayu yu hayuu Yuu yu hayu)
Éta wungkul titik éta (Yuu yu hayu yu hayuu)
Tetep fokus urang udag (Yuu yu hayu yu yu wo oo)

Terus fokus hiji titik (Yuu yu hayu yu hayuu Yuu yu hayu)
Éta wungkul titik éta (Yuu yu hayu yu hayuu)
Tetep fokus urang udag (Yuu yu hayu yu yu wo oo)
Ngaraih béntang (Yuu yu hayu yu hayuu)

Kamis, 05 Juli 2018

PARODI SITI BADRIYAH (BASA SUNDA) - BABAKTI KA KOLOT

MULANG TARIMA

Ayeuna simkuring bade ngalagu, nyaéta laguna parodi tina

Émang kudu mikir

Héy barudak kudu mikir ti leuleutik

maranéh téh kahutangan
ku kolot ti barang lahir

Héy barudak kudu mikir ti leuleutik
Mulang tarima ka kolot
tangtu manggih kabagjaan

Héy barudak kudu mikir ti leuleutik
maranéh téh kahutangan
ku kolot ti barang lahir

Héy barudak kudu mikir ti leuleutik
Mulang tarima ka kolot
tangtu manggih kabagjaan

Anu ngurus matak hésé jeung matak pusing
sumawon rugina ngan kolot nu gumati
Anu matak rungsing jeung kadang matak gering
Sumawon capé na ngan kolot nu ngabakti

Héy barudak kudu mikir ti leuleutik
maranéh téh kahutangan
ku kolot ti barang lahir

Héy barudak kudu mikir ti leuleutik
ka kolot rék males asih
di mana geus cumarita

Emang kudu mikir
Emang kudu mikir

Manéh salawasna séhat jeung caang pikir
hayang tumarima ku tuhu babaktina
ka indung nu ngandung bapa anu ngayuga
indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat

Selasa, 22 Mei 2018

Istilah Puasa dalam Bahasa Sunda

BULAN PUASA DI TANAH SUNDA

Ada beberapa istilah khusus dalam bahasa sunda yang biasa dipakai di bulan puasa, antara lain :
  • Ngabuburit, berasal dari kata burit yang dalam bahasa Sunda berarti sore, senja, petang. Oleh karena itu ngabuburit artinya segala kegiatan dalam rangka mengisi waktu menunggu berbuka puasa
  • Godin, entah dari mana asal kata godin, tapi sepertinya diambil dari lafadz niat puasa, yaitu nawaitu shouma ghodin. Padahal dalam arti sebenarnya, ghodin berarti esok hari. Namun secara brutal diartikan menjadi makan/minum atau kegiatan apapun yang bersifat membatalkan puasa secara sembunyi sembunyi, "tibeurang batur puasa manehna jajan samangka" lagunya Doel Sumbang.
  • Puasa bedug, puasa hanya sampai waktu bedug/sholat, bisa sampe dzuhur atau ashar biasanya untuk anak-anak yang sedang belajar puasa.
  • Puasa ayakan, plesetan dari "mun aya kadaharan nya dihakan" jadi batas waktu puasanya adalah ketika ada makanan, ya bisa dikatakan gak puasa juga sih, hehe
  • Puasa cacap, puasa pull 1 hari  👍 Cacap artinya tamat jadi diartikan puasanya tamat dari subuh hingga maghrib.
  • Ngadulag, berasal dari kata dulag yang artinya bedug, jadi ngadulag berarti kegiatan menabuh bedug sehabis tarawih atau ketika membangunkan orang untuk sahur.
Simak ulasannya di periode berikut