Da cék aing mah kitu nya, sakira-kira nginjeum lamun geus teu dipaké hég buru-buru balikeun deui. Ulah diantep heula nepika nu boga na nagih, naon héséna atuh. Lamun sakira éta nginjem téh rék rada lila, bebéja deui. Naon héséna ku basa da basa mah teu meuli améh nu boga na téh teu arep-arepeun.
Komo perkara duit euy... kudu aya usaha jeung niat pikeun malikeun kana eta hutang. Lain niat wungkul da ari bari teu dibarengan ku usaha mah sarua jeung tai ucing, bau haseum weuh guna na. Lamun sakira na rada lila, bébéja. Ngomong aya basa. Mun teu bisa mayar sakaligus, cicil naon héséna.
Ulah nepika nu ngahutangkeun téh siga jadi pengemis nagih-nagih ari nu ngahutang na jongjon kagenahan. Eling sia téh euy, aing teu nagih teh lain ku teu butuh, tapi ku teu genah. Horéam loba piomongeun. Ngan saukur bisa ngadoa sia sing disadarkeun.
Balik deui lur. soal unjam injeum ieu, lain ngan dina perkara duit tapi dina sagala rupa perkara ogé lamun sakira geus beres dipaké omat!!!!! geuwat balikeun deui ka nu bogana, sing aréling sing sadar saria téh euy.
Pusing aing, hampura we maké basa na kieu.. dileuleuyan teu kahartieun waé





















